Nerangkeun
Hartina Iman jeung Ma’rifatna (Iman hartina Percaya – Ma’rifat hartina Nyaho)
Geuning beda
Iman jeung Ma’rifat teh, ana kitu atuh urang percaya ayana Allah ta’ala teh
kudu jeung nyahona (ma’rifat) upama mun teu jeung sidikna mah tangtu Imanna
Iman Taqlid, jadi ngakuna percaya ayana Allah ta’ala teh ceuk beja ti batur,
atawa meunang beja ti kitab bae.
Jadi anu
kitu faham teh meh sarerea. Iman ka Allah teh semet percaya kana ayana bae,
pedah aya dadamelanna Bumi jeung Langit. Atuh ana kitu mah sumawonna nu
nyekelan Agama Islam, kapan anu nyekelan Agama sejen-sejen oge pada percaya
kana ayana Allah ta’ala mah, atuh naon bedana Agama Islam jeung Agama-agama
sejen? Pedah eta kitu Agama Islam mah aya rukuna, Syahadat, Shalat, Zakat,
Puasa, Munggah Haji? Kapan dina Agama sejen oge aya Syahadatna , pada aya
Sholatna, ngan beda pertingkahna jeung basana wungkul, maksudna tangtu sarua.
Kapan tadi
Agama Islam teh pang luhung-luhungna ti Agama-agama nu sejen da kapan kieu
dalilna oge :
Al insaanu
sirri wa anna sirruhu
Sundana :
Rasa Muhammad teh nya rasa Allah, Allah Haqna Muhammad.
Tah kitu,
anu matak Agama Islam disebut pang luhur-luhurna teh, lantaran pang
parek-parekna ka Allah ta’ala, moal aya allah lamun teu aya Muhammad, moal aya
Muhammad lamun teu aya Allah.
Sategesna
moal aya Sifat lamun teu aya Dzat, moal aya Dzat lamun teu aya sifat. Anu matak
Kangjeng Rasulullah disebat Panguluna Rasul, jeung disebut Babuning Roh
sakabeh, jadi Agama Islam pang disebat luhurna teh, nyaeta ku sabab aya haq
ma’rifat ka Allah ta’ala. Kapan bukti Mi’raj, barang beh dieuna mah Kangjeng
Gusti Syarif Hidayatullha Wali Kutub Cirebon, Mi’rajna teh tiasa tepang sareng
hakekatna Kangjeng Nabi Muhammad sholallohu alaihi wassalam, nyaeta anu kasebut
Jauhar Awwal tea, tegesna sifat nu Maha Suci. Saur para Wali mah Sajatining
Hirup atawa Sajatining Syahadat, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci.
Jadi,
sanajan urang oge upama bisa kapanggih mah jeung Tarekat Wali, Insya Allah bisa
tepang sareng Hakekatna Rasulullah. Samangsa-mangsa geus bisa tepung jeung
Hakekatna Rasulullah, kakara urang diaku umatna. Samangsa-mangsa geus diaku
umat Rasulullah, Insya Allah engke bakal dicandak kana kasalametan Anjeuna,
nyaeta kana Kasucian.
Upama teu
acan kana hakekatna, tetep teu acan syah urang ngaku jadi umat Rasulullah teh,
karana dina rukun syahna maca Syahadat oge geus diterangkeun dina kitab :
- Kudu netepkeun heula Dzatna Allah ta’ala
- Kudu netepkeun heula Sifatna Allah ta’ala
- Kudu netepkeun heula Asmana Allah ta’ala
- Kudu Sidik heula ka Rasulullah
Tah gening
kitu maca Syahadat teh, gening kudu sidik heula ka Rasulullah, sabab kumaha
bisa netepkeun ayana Allah jeung Rasulullah, upama teu acan nyaho (ma’rifat)
kana sifat-sifatna. Sabab, bisa netepkeun teh, kudu puguh heula barang-barangna
anu ditetepkeunnana.
Gening kitu
satemen-temenna maca Kalimah Syahadat teh, lain darapon nyebat bae, karana ari
darapon nyebut bae mah, budak lembut oge pada bisa.
Nu matak
wajib jeung nyahona, sabab upama teu jeung nyahona mah, ibarat maca programma
bioscoop anu rame, tapi teu jeung lalajona, naha jadi kani’matan ka urang? Kitu
deui sanajan teu maca programmana, tapi lalajo datang kana tempatna eta
bioscoop, naha utama mana? Utama anu maca programmana tawa utama nu lalajona?
Kitu deui
dina bab Agama (Ilmu), nu ngaos atawa nu ngadangukeun kana ieu kitab, ulah
gancang percaya, ulah gancang ngalain-lain, karana ieu zaman geus alur, pikiran
jalma geus naraek, geus teu pati hayangeun dibobodo.
Jalma ayeuna
mah dina sagala rupa hayang karasa hayang yakin, sing inget kana babasan kolot
baheula, Batu turun Keusik naek, teu halangan mungguhing kawenangan Allah, Si
kolot jadi bodo, Si budak jadi pinter, jeung kudu inget mungguh Ilmuna
Rasulullah teh aya opat pangkat, nyaeta:
- Ilmu Sare’at
- Ilmu Tarekat
- Ilmu Hakekat
- Ilmu Ma’rifat
Dina zaman
ayeuna mah ilmu ma’rifat anu diarudag-udag teh, hayang sidik ka Allah ka
Rasulullah, da bongan aya dalil :
Wa‘bud
robbaka hatta ya’tiyakal yaqiin
Sundana :
Nyembah ka Allah teh kudu sidik sarta yakin supaya syah Dzatna, syah Sifatna,
syah Asmana, syah Af’alna.
Enggoning
ngumbara di alam dunya teh, sing tepi ka ngarasana teu papisah jeung Allah
jeung Rasulullah. Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Allah jeung
Rasulullah beurang peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad, goreng laku
saperti sirik pidik, jail kaniaya ka sasama makhluk, karana tangtu ngarasa
isinna, lantaran ngarasa di poconghok beurang kalawan peuting ku Pangeran.
Sagala hal
moal disumput salindungkeun deui, jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal make
Ujub Takabur Riya, karana ngarasa geuning diri urang teh Hina Bodo Do’if. Bisa
soteh jadi aya rizki pagawean bisa jadi, sihoreng kalawan pitulungna nu Maha
Suci, nyaeta Qudrat Iradatna anu Kawasa.
Jadi ayeuna
oge bisa ditetepkeun, samangsa-mangsa jalma make keneh kalakuan Sirik Pidik
Jail Kaniaya ka sasama makhlukna Allah ta’ala, boh dinu Ma’siat, boh di Lebe,
boh di Santri, boh di Kyai pisan, ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna
jeung Rasulullah sumawonna jeung Allah ta’ala. Samangsa-mangsa teu ngarasa deukeutna
jeung Pangeran, tangtu laku jeung tekadna cicing dina Ujub Riya Takabur,
sok ngaku aing pinter teu deungeun, ngaku bener aing teu deungeun, ngaku bisa
ngaji aing teu deungeun, ngaku Islam aing teu deungeun. Jadi jalma kitu teh
ngaku boga Qudrat Iradatna sorangan bae, teu narima kana Qudrat Iradatna
Pangeran. Jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaannana Allah ta’ala.
Kapan teu
gampang urang ngaku Islam, sumawonna taduh-tuduh ka batur, Si itu Islam Si itu
Kafir. Karana Islam Kafir anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris
netepkeunnan, kieu katerangannana :
No comments:
Post a Comment