Iek Adassutisna

Monday, October 20, 2014

PENGAJIAN TAUHID DALAM BAHASA SUNDA Bag 2

Jalan-jalanna Ma’rifat ka Allah Ta’ala
Ari jalan-jalanna ma’rifat ka Allah ta’ala nyaeta aya dua jalan, aya nu ti handap ka luhur, jeung aya nu ti luhur ka handap.
Ari anu ti handap ka luhur, nyaeta anu masantren heula, ngaji kitab Qur’an jeung terus ngalakonan ibadahna rukun anu lima perkara, tah anu kitu teh ibadah keur jalan ma’rifat ka Allah ta’ala, tapi hanjakal lolobana mah tara ditepikeun kana ma’rifatna, lantaran kaburu betah, kaburu ngeunah dina asma, tegesna geus ngarasa ni’mat dina Pal Nunjukna (papan merk nu nuduhkeun tempat), padahal upama diteruskeun ma’rifat kana dzatna sifatna Allah ta’ala, piraku teu undak kani’matannana, da gening karek dina asmana wungkul geus sakitu kani’matannana.
Ari jalan anu ti luhur ka handap, nyaeta anu nyumponan dalil tadi Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala, jalanna lain tina masantren wungkul, tapi kudu jeung ngisat diri nyaeta kudu daek tirakat, kalawan jeung ikhtiar neangan pigurueunnana, Guru anu Mursyid, sabab moal weruh tanpa Guru, ku sabab eta mana ku urang kudu disusul? Teu aya deui lian ti tarekatna Wali nu kudu disusul, sabab eta anu bisa tepi ma’rifat kana sifatna Allah ta’ala nu kasebut Jauhar Awwal tea, nyaeta hakekatna Muhammad tea, da piraku teu aya leleberannana pikeun urang sarerea, sababna tadi oge para Wali pangna sakitu poharana tatapa teh pikeun ngabela umat-umatna Rasulullah supaya bisa baralik deui ka Allah ta’ala.
Ku sabab kitu atuh hayu urang pada teangan ku sarerea eta tarekat wali teh, sabab upama teu buru-buru kapanggih, tangtu urang moal barisa balik deui ka asal, pasti nyawa urang engke bakal marakayangan atawa nitis-nitisan, balik deui ka dunya kana barang anu keuna ku ruksak deui, moal bias nyumponan kana dalil :
Inna lillaahi wa inna ilaihi raaji’uun
Sundana : Asal ti Allah kudu balik deui ka Allah.
Ku sabab kitu tangtu sarerea oge meureun pada bingung keneh, pada-pada percaya oge, lantaran urang pada teu ngarasa tadi inditna ti Allah, turunna ka alam dunya, tapi kusabab dalilna kitu, gancang bae ngaku yen urang asal ti Allah, tapi ngakuna teh sasemet biwir bae, kapaksa ngaku soteh sieun disebutkeun kufur kafir karana henteu percaya kana dalil, tapi atina mah keukeuh poek teu kaharti ku sabab teu karasa. Kusabab eta ayeuna pribados arek mere panerangan saeutik, malah mandar tiasa percaya sareng karaosna, urang tadi asal ti Allah kieu katerangannana, urang papay ti handap ka luhur supaya kaharti ku akal.
  • Mimiti urang tumarima asal ti mana? – Nu kaharti jeung ku umum, urang asal kaluar teh ti Indung.
  • Teruskeun deui papay ka luhurna, ari Indung asal ti mana? Tangtu Indung urang teh kaluar ti Nini.
  • Ari nini asal ti mana? Teu salah deui asal kaluar ti Buyut.
  • Ari Buyut asal ti mana? Tangtu kaluarna ti Bao.
  • Ari Bao asal ti mana? Nya asalna kaluar ti Janggawareng.
  • Ari Janggawareng asal ti mana? Tangtu kaluar ti Udeg-udeg.
  • Ari Udeg-udeg asal ti mana? Tangtu asalna kaluar ti Kakait Siwur, saterusna kitu bae, ti Indungna deui, ti Indungna deui nepi ka Babu Hawa.
  • Ari Babu hawa asal ti mana? Ku sakaol ceuk Hadist asalna Babu Hawa teh asal tina iga burungna Nabi Adam.
  • Ari Nabi Adam asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist, asalna Nabi Adam teh tina aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin.
  • Ari aci Bumi-Seuneu-Cai-Angin asal ti mana? Diterangkeun ku Hadist asalna tina Nur Muhammad, cahya opat perkara :
    1. Cahya Hideung hakekat Bumi
    2. Cahya Bodas hakekat Cai
    3. Cahya Koneng hakekat Angin
    4. Cahya Beureum hakekat Seuneu
  • Ari Nur Muhammad asal ti mana? Eta oge diterangkun ku Hadist asalna tina Nurna Maha Suci, nyaeta tina Jauhar Awwal, tah semet eta buntu. Sabab geus diterangkeun ku Hadist jeung Qur’an, eta Jauhar Awwal teh bibitna tujuh Bumi tujuh Langit, saweruh eusina kabeh.
Jadi, ana kitu ceuk dalil asal ti Allah nyaeta asal ti dinya tina Jauhar Awwal tea. Sifatna caang padang, nyaeta gulungna Dzat jeung Sifatna Maha Suci, kakara jeneng Asma Allah.
1. Cahya Beureum jadi hakekat lafad Alif
2. Cahya Koneng jadi hakekat lafad Lam awal
3. Cahya Bodas jadi hakekat lafad Lam akhir
4. Cahya Hideung jadi hakekat lafad He
5. Johar Awal jadi hakekatna Tasjid
Kitu katerangannana, jadi eta cahya nu kasebut di luhur teh nu disebut Ismudzat tea. Hartina Dzat laisa kamishlihi atawa Asmana nu Maha Suci, ceuk anu Ahli Padzikiran mah Latifah tea. Tah engke teh kudu bisa balik deui ka dinya, nu matak kacida wajib dikanyahokeunnana ti ayeuna.
Geura susul tarekatna anu bisa miceun hijabna atawa pipindingna anu jadi moekan kana eta Dzat Sifatna Allah ta’ala, sing kapanggih jeung hakekatna Tasjid Muhammad, anu aya dina wujud pribadi. Tah eta kunci Muhammad anu bakal bisa ngaburak-barik hijabna ka Allah ta’ala.
Upama kapanggih Insya Allah tangtu urang bisa nyumponan kana babasan Mulih ka Jati, Pulang ka Asal, nyaeta mulih ka jati teh, rasa jasmani anu ayeuna keur dipake balik deui kana rasa tadi keur waktu aya dina Nurullah (Jauhar Awwal). Ari pulang ka asal nyaeta jasmanina ngajadi asalna deui, nyaeta ngajadi Nur Muhammad cahya opat rupa deui, Beureum Koneng Bodas Hideung. Samangsa-mangsa balik ka asal, nya ngaranna sampurna hartina beak beresih beak rasana beak jasmanina. ( Bersambung )

PENGAJIAN TAUHID DALAM BAHASA SUNDA Bag 1

Kitab Marifatullah
Bissmillahirahmaanirrahiimi.
Alhamdulillahi robbil’alamiin, wassholatu wassalamu ‘ala syaidina Muhammadin wa ‘ala aliihi wa shohbihi ajma’iin.
Mimiti jisim kuring nulis ieu kitab, ngalap berkah tina jenengan Allah ta’ala, nu murah ti dunya ka umat-umatna sakabeh, jeung nu asih di Akherat ka umat-umatna anu mu’min, ari Rohmatna Allah ta’ala kasalametannana turuna ka atas panutan urang Kangjeng Nabi Muhammad Shalallohu ‘alaihi wassalam, jeung ka para sahabatna rawuh kulawargana sakabeh.

WAJIB MA’RIFAT KA ALLAH TA’ALA
Ari ma’rifat ka Allah ta’ala teh wajib di sakabeh jalma mukalaf, tegesna jalma anu geus aqil baligh, eta wajib teu meunang henteu, karana aya dawuhannana Kangjeng Nabi Muhammad shalallohu ‘alaihi wassalam kieu :
Awwalu dinni ma’rifatullahi ta’ala
Sundana : Awal –awal Agama eta kudu nyaho heula ka Allah ta’ala, sababna pang kudu nyaho heula teh, supaya manusa enggoning ngalakonan ibadahna syah ditarima amal ibadahna ku Allah ta’ala, sabab tadi oge amal teh kudu kalawan ilmu, upama teu kalawan ilmu batal, tegesna teu jadi, samangsa-mangsa teu jadi tangtu moal aya mangfa’atna pikeun di Akherat ngan ukur keur di dunya wungkul.
Tapi dina hal ilmu mangkade kaliru, ari hartina ilmu teh kanyaho, tapi lain kudu nyaho kana syara, syahna batalna ibadah bae, tapi kudu jeung nyaho (ma’rifat) ka Allah ka Rasulullah, sabab eta teh ibarat tempat atawa gudangna keur piwadaheun amal ibadah urang sarerea, ulah teu puguh sokna.
Ibarat lamun di dunya mah ibadah keur ngumpul-ngumpulkeun papaes imah, saperti meja korsi lomari jeung salianna, ari ma’rifat ka Allah ibarat urang ngabogaan imah anu pageuh anu gede, nyaeta supaya eta barang-barang nu beunang hese cape teh merenah puguh tempatna, betah ngeunah dicicingannana, karana sanajan boga barang loba sarta aralus hargana mahal, upama teu boga tempat (imahna) rek dimana diteundeunna? Naha rek sina pabalatak di buruan, di pipir-pipir, atuh cicingna oge piraku rek aya kangeunahannana, da meureun kapanasan kahujanan, keur mah teu ngeunah dicicingannana teh, barang-barangna oge tangtu babari ruksak, moal tulus jadi kani’matannana.
Komo deui upama urang boga tekad amal ibadah teh keur bawaeun engke balik ka Akherat, atuh beuki wajib ma’rifatna ka Allah ta’ala teh, sabab pikeun tempat pangbalikan tea.
Upama teu dikanyahokeun ayeuna, naha kira-kirana bisa datang engke kana tempat asal urang tadi? Kapan dina sakaratil maut mah geus moal aya tanyaeun deui, jeung geus moal boga akal deui ku ngarasakeun kanyeri oge, sabab ceuk Hadist upama urang lolong tegesna teu nyaho ka Allah ka Rasulullah ayeuna keur waktu di dunya, engkena di Akherat tetep lolong bae, samangsa-mangsa lolong tegesna poek di Akherat, atuh beubeunangan urang ti dunya anu beunang sakitu hese cape teh, rek dibawa kamana?
Ku sabab teu bisa datang ka Allah, kana asal urang tadi sarerea, palangsiang babawaan teh bakal dibawa utrak-atrok, dibawa asup ka enggon Siluman, babawaan urang dijieun kakayaan di Nagarana, urang di jieun badegana, ku sabab eta ayeuna urang meungpeung di dunya, kudu ikhtiar kudu tiung memeh hujan, tegesna kudu nganjang ka pageto, nyaeta kudu bisa paeh samemeh paeh, karana lamun teu bisa paeh heula sajero hirup, moal nyaho ka Akherat karana nyaho ka Akherat teh kudu bisa paeh heula, kapan ceuk dalilna oge :
Antal mautu qoblal mautu
Jadi gening Akherat atawa asal urang teh, kudu dikanyahokeun jeung kudu dianjangan ti ayeuna, supaya engke ulah nyasab deui, paeh pulatat-polotot, jeba-jebi, larak-lirik neangan jalan. ( Bersambung )

Monday, August 11, 2014

Deden Kosasih sunarya ( Putra Giriharja 2 ) - Jaya Pupuhan Full


 Download wayang Full

http://www.youtube.com/playlist?list=PL2hOG3bcXXBKBrIRl6uy-

Kliningan Putra giriharja 2



 Download.

http://www.youtube.com/playlist?list=PL2hOG3bcXXBK8Mg4X6diHJCMLWgp63wCg